Coretan

Boa-boa

tuh tingali
warna-warna nu endah
hejo..koneng…jeung beureum
matak endah alam dunya

hejo dadaunan
ngaiuhan
jadi puseur kahirupan

koneng panonpoe
nu rek balik ka pangsarean
dibaturan ku harewos angin sore
lalaunan layung ngaleungit

ari beureum
geuning beureum kembang eros
nu seungit nyambuang
dipusti-pusti, diteundeun
matak seger

naha ari ayeuna aya keneh kitu?
Warna warna nu endah
Boa boa?

Bandung, 5 Mei 2013